Lenyepaneun: Kudu Tobat jeung Istiqomah (Bagean I)

0
236

Jelema teh lamun ditenjo lahirna mah sarua, tapi lamun ditenjo batinna teu sarua, beda kacida, lir upama langit jeung bumi, cara antara iman jeung kupur atawa antara mu’min jeung kapir.

Ari kapir tea sapangkat, jeung teu aya kapir enteng da kabeh oge kapir mah jadi ahli naraka salawasna. Ari mu’min mah rupa-rupa, tapi kabeh oge bakal asup ka surga. Ngan aya nu dibeuleum heula, diberesihan tina kokotor, lantaran surga teh suci.

Keur waktu hirup urang kudu ihtiar, ulah nepi ka engke dibeuleum heula di aherat, tapi ambeh tuluy bae asup ka surga. Ihtiar urang teh nyaeta mangrupa tobat dibarengan ku itiqomah. Lamun teu kitu urang teh samar. Nu nyepeng jeung nangtukeun ngan Alloh nyalira, urang teh gumantung kana ridlo jeung murka Anjeunna.

Jalma teh keur dina hirupna mah samar, sanajan keur dina hirupna pinuh ku ibadah, anu ngabuah mah engke dimana roh geus kaluar tina jasad. Uji diri urang ku sorangan. Urang bisa ngabandungan kamana leokna kalakuan. Tapi anu hese didibandunganana mah ma’siat batin.

Baheula, jaman Rosulullih nalika Perang Sabil, aya jalma nu tohtohan bajoang sataker tanaga. Saur Rosululloh ka Sahabat: “Eta jalma teh ahli naraka.” Sahabat pada kaget, sarra eta jalma teh tuluy dibandungan kalakuanana.

Ti dinya, eta jalma teh kapanah dadana ku musuh, tuluy ngarasa aral, sarta tungtungna maehan maneh. Eukeur mah jalma teh loba kasalempang, turug-turug bodo katotoloyo. Bodo sabab teu diajar.

Anu digembor-gemborkeun teh karapihan antara raja-raja atawa pamingpin-pamingpin nagara, ari karapihan jeung Pangeran mah teu dibaca-baca acan. Kumaha tingkah laku manusa nyanghareupan Pangeran nu ngadamelna? Padahal rapihna mahluk jeung nu ngadamelna eta poko. Lamun teu rapih mahluk jeung Alloh, moal aya kaamanan jeung kasalametan. Sagala rupa aya di manten-Na. Naha atuh lain sing cucud kumawula ka Anjeunna?

Piwarangan Anjeunna teu diparigawe, diarantep, malah nyieun aturan nu sulaya jeung aturan Anjeunna. Komo make dibarengan ku hawa napsu jeung teu ikhlas. Cara hadam atawa bujang teu nurut ka dununganana, salilana nyulayaan kana parentah atawa aturan anu geus ditangtukeun, meureun lamun henteu nurut bae mah aya hukumanana. Urang ge nya saperti kitu.

Kitu kuduna urang nyaluyukeun diri, lamun urang hayang aman, hayang beres alam dunya. Tapi naha bet tonggoy bae taya euih-euihna?

Lajengkeuneun…

———————————–

CATETAN EDITOR:
Ieu seratan dicutat tina buku “Lenyepaneun” yasana R.H. Muhammad Nuh (pupus 1966), ramana R.H. Abdullah bin Nuh, pahlawan nasional nu kawit ti Cianjur. R.H. Muhammad Nuh mangrupi ulama jumhur sa-Jawa Barat anu kantos janten advisur (juru nasehat) Syarikat Islam anu disesepuhan ku almarhum H.O.S Cokroaminoto. Buku “Lenyepaneun” mangrupi kumpulan piwejang-piwejang R.H. Muhammad Nuh nalika masih keneh jumeneng, didugikeun dina pangasosan Madrasah Kaum Cianjur.

Comments

comments