Lenyepaneun: Pepeling Campur Gaul (2)

0
195
  • Alloh geus ngadamel hak sareng batil, sareng ngadamel ahlina. Oge ngadamel caang sareng poek sarta ngadamel ahlina. Jalma cacad atawa jalma batil, sagalana ngarasa poek. Ari jalma hak, anu bisa ngarawatan hak, nyaeta anu iman ka Alloh, ngaku yen kabeh oge damelan Alloh, percaya ka para Rosul, percaya ka para malaikat, tegesna percaya kana rukun Iman, sagala rupa matak caang.
  • Ari kupur mah matak poek, poho ka Alloh, di antarana ngalakukeun pagawean dunya jeung perkara-perkara anu ruksak, jeung kajadian-kajadian anu teu aya paedahna. Dawuhan Rosululloh SAW anu pikahartieunana kieu: “Dunya teh dila’nat jeung jeung dila’nat sakur nu aya di dunya, kajaba anu karana Alloh jeung Rosul-Na.”
  • Ari hak eta cahaya, nyaangan ka ahlina anu ma’ripat ka Alloh. Ari batil eta poek, moekan ka ahlina (tukang batil); panenjona, pangdengena, kabeh poek, oge caritaanana. Dawuhan Gusti Alloh duna Surah Al-Baqoroh anu pihartieunana kieu: “Maranehna torek, pireu, lolong, maranehanana teu baralik deui.
  • Para wali anu parantos kenging cahaya ti Pangeran, ningali ka arwah para Mu’minim, ka para Malaikat. Ari faelasuf henteu dipaparinan kitu, aya oge istijrad. Ka para Wali sok wuwuh caang narawangan, sok tepang sareng roh Nabi, malah sok naroskeun pataraosan-patarosan, ka aranjeunna mah setan teu bisa ngagoda.
  • Conto solihin. Dina hiji majlis riungan elmu, Imam Hanafi dialungan buah apel ku hiji awewe. warna buah apel teh sabeulah beureum jeung sabeulah deui koneng (maro). Ti dinya anjeunna nyandak peso, sarta eta apel dibeulah, terus dialungkeun deui ka eta awewe. Di antara nu aya di dinya aya nu naros kieu: “Naon maksadna eta awewe teh?” Lahiran Imam Hanafi: “Eta awewe teh keur udur sasih, sarta nanyakeun naha geus waktuna mandi beberesih, lamun getihna geus koneng cara konengna buah apel. Ku kuring dijawab yen kakara meunang mandi, lamun geus beresih cara beresihna eusi buah apel (bodas).
  • Syeh Juned Bagdadi nyarios kieu: “Ciri-ciri geus nepi kana martabat luhur nyaeta lamun geus boga 4 sipat: (1) tara gancang ambek, (2) handap asor, (3) berehan, (4) alus budi parangina.

Sakitu pepeling R.H. Muhammad Nuh, dina pangaosan kaping 7 Maret 1957.

———————————–

CATETAN EDITOR:
Ieu seratan dicutat tina buku “Lenyepaneun” yasana R.H. Muhammad Nuh (pupus 1966), ramana R.H. Abdullah bin Nuh, pahlawan nasional nu kawit ti Cianjur. R.H. Muhammad Nuh mangrupi ulama jumhur sa-Jawa Barat anu kantos janten advisur (juru nasehat) Syarikat Islam anu disesepuhan ku almarhum H.O.S Cokroaminoto. Buku “Lenyepaneun” mangrupi kumpulan piwejang-piwejang R.H. Muhammad Nuh nalika masih keneh jumeneng, didugikeun dina pangasosan Madrasah Kaum Cianjur.

Comments

comments