Lenyepaneun: Pepeling Campur Gaul

0
170

  • Ulah sok aku-akuan, ieu sawah urang, atawa kebon urang, naha beunang saha taneuhna? Eta cenah migawena beunang sorangan, naha ari nyawa jeung tanaga ti saha?
  • Ulah sok takabur! Kapan badan urang teh pinuh ku najis, pinuh ku getih, da lamun teu pinuh ku getih mah meureun maot. Oge kadut pinuh ku kokotor. Nu matak nu kudu dipapaesan teh lain lahir, tapi batin. Komo lamun lahir wungkul mah moal eucreug. Kaunggulan jalma mah ku rohna, lamun ngan ukur jasana mah teu aya bedana jeung sato hewan.
  • Ari campur atawa reureujeungan eta sok ngarubah adat; campur jeung jelema hade sok kabawa hade, campur jeung jalma jahat sok kabawa jahat, cara beusi diteundeun dina taneuh sok tai hiangan. Aya putra Sayyid (urang Arab) diteundeun ti leuleutik di nagri Cina, bet jadi Cina. Aya dongeng nu kieu unggelna: Jaman baheula aya hiji raja, teu percaya kana pisaur hiji alim, yen cacampuran teh sok ngarobah tabe’at. Ti dinya anjeunna calik di kandang sapi, sasarengan jeung sapi, kituna teh nepi ka 40 poe. Ti dinya tuluy nyaur alim tea, sarta lahiranana, “Geuning kaula ieu geus 40 poe teu kabawakeun ku tabe’at sapi!” Dumadakan aya laleur ngarongrong pameunteu raja, naha atuh eta laleur teh bet digadil ku raja. Saur alim: “Geuning eta Kangjeng Raja ngagadil cara sapi, da biasana mah laleur teh disieuhkeun ku panangan.”
  • Guru teh kudu “husnul huluk”, alus ahlakna, lantaran salilana reureujeungan jeung barudak (murid). Laku lampah guru diturutan ku murid, aya paribasa Arab nu pihartieunana kieu, “Laku lampah teh leuwih loba mere pangaruh manan caritaan.” Guru teh kudu nyonto ka Rosululloh, kudu niron ahlak anjeunna.
  • Baheula Ama Cirata kasenengna sok angkat-angkatan. Dina hiji waktu angkat ka Karawang, anu dituju Wadana Karawang. Sawewengi di bumina eta Wadana, damelna mung netepan. Ti harita eta Wadana Karawang sok netepan, anu tadina tara netepan.
  • Kalakuan hade (husnul huluk) kudu didadasaran ku iman, sabalikna kalakuan teu hade dadasarna dunya (karana dunya). Ari karana dunya, komo teuing kapir, sanajan mubtadi’in oge (ahli bi’ah) matak teu beres. Ari mubtadi’in teh anu teu percaya kana kaluhungan Imam Gozali jeung Syeh Ibnu Hajar. Karana dunya salilana sok ngarasa teu cukup, ku kituna kapaksa ngarebut hak batur jeung sajabana ti eta.

lajengkeuneun.

———————————–

CATETAN EDITOR:
Ieu seratan dicutat tina buku “Lenyepaneun” yasana R.H. Muhammad Nuh (pupus 1966), ramana R.H. Abdullah bin Nuh, pahlawan nasional nu kawit ti Cianjur. R.H. Muhammad Nuh mangrupi ulama jumhur sa-Jawa Barat anu kantos janten advisur (juru nasehat) Syarikat Islam anu disesepuhan ku almarhum H.O.S Cokroaminoto. Buku “Lenyepaneun” mangrupi kumpulan piwejang-piwejang R.H. Muhammad Nuh nalika masih keneh jumeneng, didugikeun dina pangasosan Madrasah Kaum Cianjur.

Comments

comments