Ucap-ucapan Hikmat

0
181

Kaasup kalakuan hade, lamun saban nenjo pasaran (janazah) ngagebeg tuluy tobat. Abu Huraeroh nyarios kieu: “Anjeun indit ti heula, kuring nuturkeun pandeuri.”

Saur Malik bin Dinar, waktu saderekna pupus: “Kuring tacan senang satungtung tacan nyaho nasib kuring sanggeus kuring maot.”

Saur ‘Amasy: “Waktu harita kuring hadir, sarta teu bisa ngabedakeun mana nu kamaotan jeung mana nu ngalayad, ku lantaran kabeh pada ngangluh.”

Sedeng dina jaman ayeuna mah, dimana lar aya pasaran liwat, bet sarenang-senang bae, pada saruka bungah, paroho kana maot, lain amal nu diingetkeun tapi kalahka ribut ngabadamikeun warisan, henteu tapakur kana kuma kersa Alloh. Naon lantaranana hate jadi tareuas kitu?

Nyaeta ku lantaran loba ma’siat, loba poho kana huru-hara Kiamat. Panghadena kudu nyeungceurikan diri sorangan kumaha lamun maot. Mayit mah tong diceungceurikan, da geus puguh mangsana, kari mulasarana sing samistina.
Kumaha ari urang? Nasib urang tacan puguh, kumaha boa?

Urang ge kudu alus sangka ka nu maot.

Kacarioskeun Umat bin Abi Dzar manggihan hiji janazah, teu aya nu daekeun nyalatkeun, lantaran jalma eta keur hirupna kawentar pasek. Anjeunna mah kersa bae nyalatkeun eta mayit. saterasna anjeunna ngado’a, kieu saurna: “Kalawan Rahmat Gusti, he Abu Fulan, sugan bae anjeun teh ahli Tauhid jeung sujud ka Pangeran, sanajan anjeun dicela ku batur, sok ngalampahkeun dosa, naha saha atuh anu teu boga dosa?”

Kitu hal ihwal urang nyanghareupan anu maot, kudu alus sangka.

———————————–

CATETAN EDITOR:
Ieu seratan dicutat tina buku “Lenyepaneun” yasana R.H. Muhammad Nuh (pupus 1966), ramana R.H. Abdullah bin Nuh, pahlawan nasional nu kawit ti Cianjur. R.H. Muhammad Nuh mangrupi ulama jumhur sa-Jawa Barat anu kantos janten advisur (juru nasehat) Syarikat Islam anu disesepuhan ku almarhum H.O.S Cokroaminoto. Buku “Lenyepaneun” mangrupi kumpulan piwejang-piwejang R.H. Muhammad Nuh nalika masih keneh jumeneng, didugikeun dina pangasosan Madrasah Kaum Cianjur.

Comments

comments