Ni’mat Paparin Gusti Alloh

0
143

Dawuhan Gusti Alloh sina Al-Qur’an: “Lamun maraneh ngitung ni’mat Alloh, moal kaitung.” (QS Ibrahim: 34).

Lamun urang ngitung-ngitung ni’mat ti Gusti Alloh anu dipaparinkeun ka urang, moal kaitung. Tapi urang sok poho kana ni’mat ti Anjeunna ka urang. Perkara napas bae. Sabaraha kali urang ngambekan dina sajam, sapoe, saminggu, sabulan, sataun? Jeung saterusna. Coba lamun napas ditahan dicekek sajam, meureun maot.

Ni’mat teh aya 2 rupa:

  1. Ni’mat Ijad (diayakeun).
  2. Ni’mat Imdad (panggayuh).

Ni’mat ijad, hartina diayakeun tina euweuh kana aya. Ku lantaran urang geus aya, nya diayakeun ku Pangeran, urang ngarasa ni’matna, da lamun euweuh mah urang saha nu rek ngarasakeunana? Urang didamel tina dua bahan (bagean), nyaeta: badan jeung roh (nyawa). Entong waka ngabahas roh, da barang nu teu katenjo. Ayeuna mah urang ngabahas badan bae.

Badan urang boga pancadria: bisa nenjo, nyabak, ngarasa, ngarasa ngambeu, jeung ngadenge. Coba leungitkeun salah sahijina! Komo lamun kabeh mah, kumaha rasana? Teu acan kaitung ku akal, sabaraha pihargaeunana? Panon sasiki kudu dicokel, lantaran aya nu rek meuli, moal dijual sanajan leuwih ti sayuta. Lamun harga panon sayuta, ceuli sayuta, jeung saterusna ti eta, meureun jalma teh beunghar, lantaran anggahota-anggahotana jeung badanna hargana mangyuta-yuta rupia, malah teu kahargaan. Lamun jalma nyebutkeun kana dirina pakir, nyebutkeun teu dipasihan naon-naon ku Gusti Alloh, meureun nu kitu mah pingaraneunana… eusleum.

Naon sababna manusa sok poho kana ni’mat ti Pangaran, malah nepi ka kufur? Da eta dawuhan Gusti Alloh oge: “Saestuna manusa teh dolim jeung kapir.”

Ni’mat nu kadua, ni’mat panggayuh. Sanggeus urang aya, aya panggayuh keur malihara nu dipasihkeun ku Gusti Alloh tea. Badan kudu dipariksa saban waktu. Parabna atawa kadaharanana kudu dipolah, upamana nyangu: sangu tina beas, beas tina pare, pare dipelak, diboyor ku cai nepi ka dibuat. Timana caina? Naha jadi pare mun teu aya cai? Tina naon jadina cai? Pikeun sangu sahuap, lamun ditetek aya puluhna rebu nu digawe. teu acan deungeunna, piringna, bobokona, jeung sajabana ti eta.

Sangu sakeupeul dihuapkeun, asup ka jero beuteung, di jero beuteung dipasak, aya hawa panas anu ngancurkeun misah-misahkeun zat-zatna ngajadi aci anu asup kana urat-urat gede, urat-urat leutik, jeung sajabana ti eta anu mangrupa ledeng-ledeng jalanna getih, anu diatur ku jajantung; tina kadaharan tea aya nu jadi getih, cikiih, hampas (kokotor) anu kaluar.

Coba inget-inget. Sabaraha ni’mat Gusti Alloh anu dipaparinkeun ka manusa? Ieu kakara tina sangu sahuap. Naha kira-kirana bisa kaitung?

———————————–

CATETAN EDITOR:
Ieu seratan dicutat tina buku “Lenyepaneun” yasana R.H. Muhammad Nuh (pupus 1966), ramana R.H. Abdullah bin Nuh, pahlawan nasional nu kawit ti Cianjur. R.H. Muhammad Nuh mangrupi ulama jumhur sa-Jawa Barat anu kantos janten advisur (juru nasehat) Syarikat Islam anu disesepuhan ku almarhum H.O.S Cokroaminoto. Buku “Lenyepaneun” mangrupi kumpulan piwejang-piwejang R.H. Muhammad Nuh nalika masih keneh jumeneng, didugikeun dina pangasosan Madrasah Kaum Cianjur.

Comments

comments